Senin, 25 Januari 2010

duriat urang

Nenjo langit anu keur biru,
asa ngadu'a ngagantungkeun cinta,
Nibrakeun kaasih kanyaah,
Ngekeupan rasa kasono
Keur manehna, meuni asa tibelat.

Ninggang peuting.
Bentang pulang anting.
Gumeulis, kucap-kiceup,
bari gugupay tur ngucap,
"Yap kadieu yap kadieu,
urang tewak kumang naon wae nu hiber"
Mawa bagja mawa asmara..
keur
Duriat urang,
duriat anu sajati,
duriat anu abadi.

2009

Tidak ada komentar: